Wednesday 28 January 2015

Cerita Jenaka

Cerita Sunda Lucu


Dina hiji mangsa aya petugas sensus penduduk datang ka tiap warga kanggo nyuhunkeun data. Atuh aya sabagian warga anu bingung, sensus kanggo nao deui da pemilu mah lami keneh.


Warga: Jang ari sensus teh kanggo pemilu? Asa cik keneh didata…


Patugas: Sanes pa…


Warga: Kanggo BLT?


Patugas: Sanessss…


Warga : Ari geus keur naon atuhhh???? (rada nyereng… tur nyentak)


Patugas : (ngajawab bari reuwas) Kanggo ngagentos lagu Rhoma Irama… Lagu nu kapungkur “135 juta penduduk Indonesia…” tos kadaluwarsa. Janten hasil sensus teh diantos pisan ku Kang Haji Rhoma Irama.


Sumber: www.malau.net – cerita lucu basa jawa



Cerita Jenaka

No comments:

Post a Comment